NEWAK COPET
Dina hiji kampung anu kacaritaken eta kampung teh anu
tenang, aman jeung tentrem, nyaeta kampung Jaresi. Tapi ka tenngan jeung ka
tentramannana ka ganggu kusaa aya bejana copet nu sangar jeung sadis.
(Diwarung mang
Haji Idas nu keur tiiseun)
H. Idas : “aduh kamarana iyeu anu mareuliteh meni
tiiseun” (manehna langsung diuk dina korsi). “Aduh daripada tiiseun kiyeumah
meningan ngabako jeung nginum ci kopi” (manehna ngagleday nyarandde kana bata)
(sanggeus kitu datang mang Oto jeung mang
Endang)
Oto :
“Dang ayeuna mujur pisan heeuh?”
Endand :
“so pasti mataaaap”
H. Idas :
“ Ari mujur jeung mantap the naon?” (nanya ka Oto jeung Endang)
Duaan
: “teu…ah pa Haji”
H. Idas
: “Bieu naon?” (nanya deui)
Endang :
“Cuma bercanda GITULOOH..”
Oto :
“bener, gaya pa
Haji mah enying enying keneh geus maca
koran”
H. Idas
: “So pastii. Jempe dengekeun aya
berita”
Endang :
“Ah pa Haji mah isa wae”
Oto
: “geuslah pa Haji ayenamah kuring
lapar pisan haying ci kopi”
H. Idas
: “Henteu gelo sia, kadieu urang
campa tarang maneh, panas teu?”
Oto
: “naha naon?” (ari olohok)
Endang :
“Panas naon pa Haji?, PANAS DINGIN?”
H. Idas
: “Lain, piraku lapar menta
cikopi!!!”
Endang :
“Eh heuehnya, sok bae pang nyieunken weh!!”
H. Idas
: “Ke dagoan”
(Pa haji idas
langsung aus ka jero warung. Teu kungsi lila pa Haji mikeun cikopi ka Endang
jeung Oto.Teu kungsi lila datang Neng Tika, awewe pang geulisna dina eta
kampung,)
Endang :
“Eh Neng Tika…”
Tika :
“Eh bang Endang, eh bang Oto”
Oto : “ Bade kamana atuh neng?”
Tika : “Bade kawarung atuh piraku ka WC”
Oto : “Mun bade ka WCmah ku aa ade di
anteurkeun”
Tika : “Teu harayang teuing di anteurkeun ku
anjen, jempe deuk balannja heula”
Endang :
“Sok atuh”
Tika : “Pa Haji, pa Haji, pa Hajiii……………….”
H. Idas : “Eh neng Tika, anu geulis anu
manisss”
Tika : “Pa Haji isa aja” (Bari ngarasa ngapung)
Tika : “Bade meser jengkol sareng asin sa
onswe, tong seuer”
Endang :
“Eh piraku geulis geulis meser jengkol?”
Oto : “ Era atuh nya?”
Tika : “Bae atuh, hayang di bejakeun ka si
Abah?”
Endang :
“Teu, atuh neng”
(Torojol pa Ajang jeung pa Ade)
Ajang : “Assalamualaikum, Walaikumsalam
(ngajawab Sorangan)
Tika : “Pasti deuk nginum kopinya?” (nanya
neng mirna ka Ajang Jeung ka Ade)
Ade : “eh si
Eneng terangan pisan” (jawad Ade)
Tika : “Nya enya atuh”
Ajang : “pa Haji cikopi dua”
H. Idas : “Iyah Siap” (langsung indit ka jero)
Tika : “Pa Haji Iyeu Sabarahaeun? Burukeun si
Abah isi neangan”
H. Idas : “Wios ka Eneng mah 5000 eun” (Bari nga gorowok)
Tika : “Iyeu artosna, nuhun nya” (langsung
indit balik)
Ajang : “Naha
neng meni enggal enggal teuing?”
Ade : “muhunya meni rurusuhan”
(Neng Tika ereun heula)
Tika : “Sanes kitu si Abah isi milarian”
(Sa entos kitu torojol pa RT jeun Uloh
hansip di eta kampung tea)
Pa RT : “ Assalamualaikum”
Walaikumsalam (ngajawab sadayana)
Tika : “Eh pa RT, pucuk di cinta ulampun tiba”
(Pa RT seuri ari batuk)
Uloh : “Eh neng Tika Pucuk di cinta ulampun
tiba”
Tika : “Ih..ih” (bari ngabrigidig) “Pa RT”
Pa RT : “iya neng”
Tika : “eh pa RT kadiyeu nyandak pohon
bringin?”
Pa RT : “mana neng?”
Tika : “eta di tukang pa RT”
Uloh : “Simkuring neng?”
Tika : “Nya heeuh, ari enggeus saha deui?”
Uloh : “Wios Adi nyanyi untuk Eneng?”
Tika : “Huuuh”
Uloh : “Neng kau sungguh togenya – togenya –
togenya”
Tika : “Teganya mereun”
Uloh : “Enya eta yang saya mau bilang”
Pa RT : “sudah, sudah jangan berteman, eh
berteman maksud saya bertengkar” (bari misahkeun Hansip
jeung Tika) “ayeunamah dangukeun
cariyosan kuring, kamari pa H.
Idan meninggal ku copet, yang paling parah ‘Anu’nya ical”
Tika : “Anunya the naon pa RT?” (Nanya bari sieun)
Pa RT : “Ah.. hoyong terang wae”
Uloh :
“Awewe mah jempe, dengekeun weh”
Pa RT : “Ya sudah sudah…. Jadi ayeuna mengpeun
ngumpul hayu urang tingkatkeun deui
ka amanan di kampong urang,
engke wengi urang ngaronda”
Oto : “ Maaf pa RT simkuring moal tiasa
ngiringan ngaronda, kumargi
simkuring bade marajian istri abdi”
Endang :
“muhun abdi ge sami teutiasa ngaronda engke wengi”
Tika : “Pa Oto tiasa kitu?”
Oto : “Ya iyalah, warisan leluhur gituloch,
samil menghemat gak usah ke bidan”
(Sangges kitu
balubar sadayana. Teu kungsi lila magrib datang. Pa Haji Idas, Ajang, Ade
sangges rengse solat ngarumpul di pos ronda)
Ade : “Haji ceuk urangmah mawa kopi”
H. Idas : “Alahh ieuhh, poho”
(Ade ngomong dina hatena “ah lain poho,
pelitmah pelitweh”)
H.Idas : “Naon Ade maneh ngalamun?”
Ade : “Henteu ah pa Haji”
Ajang : “Ayeunamah urang nyieun api unggun weh
keur siduru!”
Ade : “Nya sok atuh!!”
(Ker nyieun api unggun datang neng Tika tos
uih ti masjid)
Ade : “Nya neng WHAT HAVING aya naon?”
Tika : “Ah mang Ade make bahasa ARARINGIS”
Ajang : “Inggris kali?”
Tika : “Bisa ngajajapkeun abi teu uih? Saab
abi sieun ngaliwat kana tangkal
caringin”
Ade : “sanes teu hoyong adi the nuju
ngabaturan pa Haji
sareung mang Ajang” (bari
ngarigidig)
Tika : “Nyariosweh sieun” (bari judes)
Ade : “tah eta 100% betul”
Tika : “Wios ari kitumah abdi bade uih
nyarira”
(Tika uih
nyarira teu kungsi lila pas nepi dina tangkal caringin tea mirna gogorowokan
“copet” sabab loketna di bawa kabur ku copet)
Tika : “copet…copet…copet…..”
(copetna kabur beuki tarik. Di tengah jalan
keur kabur Oto nabrak pa RT)
Pa RT : “Wei...wei… ay naon iyeu?”
Tika : “Pa RT eta copet the. Tewak…. Tewak…”
(sanggeus kitu
copet jeung pa RT garelut. Teu kungsi lila Hansip datang sabab ngadenge anu
gogorowokan tadi)
Uloh : “Aya naon itu Tika?”
Tika : “Itu pa RT garelut jeung copet”
(pa Uloh
langsung lumpat nulungan pa RT. Copet langsung di tewak didinya keneh)
Tika : “oh pa RT, pa RT pahlawan Tika!!”
(Tika langsung
lumpat ka pa RT deuk nangkeup. Tapi di pegat ku Uloh)
Uloh : “Heup…. Heup… lain mahromna” (bari Uloh hayang nangkeup mirna. Daratang weh warga)
Pa RT : “warga urang buka topeng iyeu copet
teh”
Warga : “sok pa RT, geus panasaran arurang”
(pas di buka topengna warga ruwas yen copet
the Oto Jeung Endang)
Warga : “oh si Oto jeung si Endang nu jadi
copet teh paingan maneh mung ngaronda da maneh copetna”
(pas ku warga
deuk di gebukan deui pa RT nyegah)
Pa RT : “Geus…geus karunya, ayenamah urang bawa
ka kantor polisi. Sok Neng mah
geura uih si Abah bilih neangan”
(Sanggeus kitu
copet di bawa ku warga ka kantor polisi. Ayeunamah kampung eta teh jadi aman
deui tina copet teh)