Rabu, 07 Maret 2012

Contoh DRAMA Bahasa Sunda

NEWAK COPET


Dina hiji kampung anu kacaritaken eta kampung teh anu tenang, aman jeung tentrem, nyaeta kampung Jaresi. Tapi ka tenngan jeung ka tentramannana ka ganggu kusaa aya bejana copet nu sangar jeung sadis.

(Diwarung mang Haji Idas nu keur tiiseun)

H. Idas   : “aduh kamarana iyeu anu mareuliteh meni tiiseun” (manehna langsung diuk dina korsi). “Aduh daripada tiiseun kiyeumah meningan ngabako jeung nginum ci kopi” (manehna ngagleday nyarandde kana bata)

(sanggeus kitu datang mang Oto jeung mang Endang)

Oto             : “Dang ayeuna mujur pisan heeuh?”
Endand      : “so pasti mataaaap”
H. Idas                 : “ Ari mujur jeung mantap the naon?” (nanya ka Oto      jeung Endang)
Duaan        : “teu…ah pa Haji”
H. Idas       : “Bieu naon?” (nanya deui)
Endang      : “Cuma bercanda GITULOOH..”
Oto             : “bener, gaya pa Haji mah enying enying keneh geus maca        koran”
H. Idas                : “So pastii. Jempe dengekeun aya berita”
Endang      : “Ah pa Haji mah isa wae”
Oto            : “geuslah pa Haji ayenamah kuring lapar pisan haying ci          kopi”
H. Idas                : “Henteu gelo sia, kadieu urang campa tarang maneh,      panas teu?”
Oto            : “naha naon?” (ari olohok)
Endang      : “Panas naon pa Haji?, PANAS DINGIN?”
H. Idas                : “Lain, piraku lapar menta cikopi!!!”
Endang      : “Eh heuehnya, sok bae pang nyieunken weh!!”
H. Idas                : “Ke dagoan”

(Pa haji idas langsung aus ka jero warung. Teu kungsi lila pa Haji mikeun cikopi ka Endang jeung Oto.Teu kungsi lila datang Neng Tika, awewe pang geulisna dina eta kampung,)

Endang      : “Eh Neng Tika…”
Tika           : “Eh bang Endang, eh bang Oto”
Oto             : “ Bade kamana atuh neng?”
Tika           : “Bade kawarung atuh piraku ka WC”
Oto             : “Mun bade ka WCmah ku aa ade di anteurkeun”
Tika           : “Teu harayang teuing di anteurkeun ku anjen, jempe       deuk balannja heula”
Endang      : “Sok atuh”
Tika           : “Pa Haji, pa Haji, pa Hajiii……………….”
H. Idas                 : “Eh neng Tika, anu geulis anu manisss”
Tika           : “Pa Haji isa aja” (Bari ngarasa ngapung)
Tika           : “Bade meser jengkol sareng asin sa onswe, tong seuer”
Endang      : “Eh piraku geulis geulis meser jengkol?”
Oto             : “ Era atuh nya?”
Tika           : “Bae atuh, hayang di bejakeun ka si Abah?”
Endang      : “Teu, atuh neng”

(Torojol pa Ajang jeung pa Ade)

Ajang         : “Assalamualaikum, Walaikumsalam (ngajawab               Sorangan)
Tika           : “Pasti deuk nginum kopinya?” (nanya neng mirna ka     Ajang Jeung ka Ade)
Ade            : “eh si  Eneng terangan pisan” (jawad Ade)
Tika           : “Nya enya atuh”
Ajang         : “pa Haji cikopi dua”
H. Idas                 : “Iyah Siap” (langsung indit ka jero)
Tika           : “Pa Haji Iyeu Sabarahaeun? Burukeun si Abah isi          neangan”
H. Idas                 : “Wios ka Eneng mah 5000 eun” (Bari nga gorowok)
Tika           : “Iyeu artosna, nuhun nya” (langsung indit balik)
Ajang         : “Naha neng meni enggal enggal teuing?”
Ade            : “muhunya meni rurusuhan”

(Neng Tika ereun heula)

Tika           : “Sanes kitu si Abah isi milarian”

(Sa entos kitu torojol pa RT jeun Uloh hansip di eta kampung tea)

Pa RT        : “ Assalamualaikum”
Walaikumsalam (ngajawab sadayana)
Tika           : “Eh pa RT, pucuk di cinta ulampun tiba” (Pa RT seuri ari       batuk)
Uloh           : “Eh neng Tika Pucuk di cinta ulampun tiba”
Tika           : “Ih..ih” (bari ngabrigidig) “Pa RT”
Pa RT        : “iya neng”
Tika           : “eh pa RT kadiyeu nyandak pohon bringin?”
Pa RT        : “mana neng?”
Tika           : “eta di tukang pa RT”
Uloh           : “Simkuring neng?”
Tika           : “Nya heeuh, ari enggeus saha deui?”
Uloh           : “Wios Adi nyanyi untuk Eneng?”
Tika           : “Huuuh”
Uloh           : “Neng kau sungguh togenya – togenya – togenya”
Tika           : “Teganya mereun”
Uloh           : “Enya eta yang saya mau bilang”
Pa RT        : “sudah, sudah jangan berteman, eh berteman maksud    saya bertengkar” (bari misahkeun Hansip jeung Tika)     “ayeunamah dangukeun cariyosan kuring, kamari pa         H. Idan meninggal ku copet, yang paling parah ‘Anu’nya         ical”
Tika           : “Anunya the naon pa RT?” (Nanya bari sieun)
Pa RT        : “Ah.. hoyong terang wae”
Uloh           : “Awewe mah jempe, dengekeun weh”
Pa RT        : “Ya sudah sudah…. Jadi ayeuna mengpeun ngumpul     hayu urang tingkatkeun deui ka amanan di kampong               urang, engke wengi urang ngaronda”
Oto             : “ Maaf pa RT simkuring moal tiasa ngiringan ngaronda,         kumargi simkuring bade marajian istri abdi”
Endang      : “muhun abdi ge sami teutiasa ngaronda engke wengi”
Tika           : “Pa Oto tiasa kitu?”
Oto             : “Ya iyalah, warisan leluhur gituloch, samil menghemat   gak usah ke bidan”

(Sangges kitu balubar sadayana. Teu kungsi lila magrib datang. Pa Haji Idas, Ajang, Ade sangges rengse solat ngarumpul di pos ronda)

Ade            : “Haji ceuk urangmah mawa kopi”
H. Idas                 : “Alahh ieuhh, poho”

(Ade ngomong dina hatena “ah lain poho, pelitmah pelitweh”)

H.Idas        : “Naon Ade maneh ngalamun?”
Ade            : “Henteu ah pa Haji”
Ajang         : “Ayeunamah urang nyieun api unggun weh keur siduru!”
Ade            : “Nya sok atuh!!”

(Ker nyieun api unggun datang neng Tika tos uih ti masjid)

Ade            : “Nya neng WHAT HAVING aya naon?”
Tika           : “Ah mang Ade make bahasa ARARINGIS”
Ajang         : “Inggris kali?”
Tika           : “Bisa ngajajapkeun abi teu uih? Saab abi sieun ngaliwat          kana tangkal caringin”
Ade            : “sanes teu hoyong adi the nuju ngabaturan pa Haji                  sareung mang Ajang” (bari ngarigidig)
Tika           : “Nyariosweh sieun” (bari judes)
Ade            : “tah eta 100% betul”
Tika           : “Wios ari kitumah abdi bade uih nyarira”

(Tika uih nyarira teu kungsi lila pas nepi dina tangkal caringin tea mirna gogorowokan “copet” sabab loketna di bawa kabur ku copet)

Tika           : “copet…copet…copet…..”

(copetna kabur beuki tarik. Di tengah jalan keur kabur Oto nabrak pa RT)

Pa RT        : “Wei...wei… ay naon iyeu?”
Tika           : “Pa RT eta copet the. Tewak…. Tewak…”

(sanggeus kitu copet jeung pa RT garelut. Teu kungsi lila Hansip datang sabab ngadenge anu gogorowokan tadi)

Uloh           : “Aya naon itu Tika?”
Tika           : “Itu pa RT garelut jeung copet”

(pa Uloh langsung lumpat nulungan pa RT. Copet langsung di tewak didinya keneh)

Tika           : “oh pa RT, pa RT pahlawan Tika!!”

(Tika langsung lumpat ka pa RT deuk nangkeup. Tapi di pegat ku Uloh)

Uloh           : “Heup…. Heup… lain mahromna” (bari Uloh hayang    nangkeup mirna. Daratang weh warga)
Pa RT        : “warga urang buka topeng iyeu copet teh”
Warga        : “sok pa RT, geus panasaran arurang”

(pas di buka topengna warga ruwas yen copet the Oto Jeung Endang)

Warga        : “oh si Oto jeung si Endang nu jadi copet teh paingan maneh mung ngaronda da maneh copetna”

(pas ku warga deuk di gebukan deui pa RT nyegah)

Pa RT        : “Geus…geus karunya, ayenamah urang bawa ka kantor         polisi. Sok Neng mah geura uih si Abah bilih neangan”

(Sanggeus kitu copet di bawa ku warga ka kantor polisi. Ayeunamah kampung eta teh jadi aman deui tina copet teh)